Resensi Novel Sunda ” Sasakala Bojongemas”
Judul
: Sasakala Bojongemas
Pangarang
: Aan Merdeka Permana
Pamedal
` : Ujung Galuh
Citakan
: 1, 2009
Kandel :
48 kaca
Candi
Bojongemas téh, pernahna sisieun Citarum, di wewengkon Désa Bojongemas,
Kecamatan Solokanjeruk, Kabupatén Bandung. Bahula mah disebutna Candi Purna
Hyang. Baheulana, nyaéta teupikeun ka taun 1950-an masih mangrupa. Ngan ayeuna,
ukur gundukan batu. Teu kapiara. Ceunah dina taun-taun harita, dicokotan,
diamankeun dibawa ka tempat séjén. Aya anu diteundeun di museum. Aya anu di
bawa ka imah pribadi. Sacara resmi acan ka catet kumaha sajarahna. Tapi ari
béja anupatatalépa mah aya. Mun mah ayeuna ngajengléng jadi tulisan, nya ladang
béja nu dibéjakeun deui.
Sajarah
mangrupakeun fakta atawa hiji hal nu bisa dibuktikeun dina fakta. Saurang
sajarawan daék teu daék kudu kaugeur ku fakta-fakta nu aya. Manéhna teu bébas
ngagarap fakta-fakta sajarah nu geus nyampak. Tapi, teu kitu pikeun pangarang
novel. Manéhna lewih bébas nyiptakeun carita sorangan. Aan Merdeka Permana dina
novel mungguranana ieu nyoba-nyoba ngangkat fakta-fakta sajarah Sasakala candi
di Bojongemas kana novelna ieu. Tokoh-tokoh sajarah saperti Nyai Dewi Permata
Sari anu ngokolakeun Candi Purna Hyang. Aya ogé Prabu Ningrat Kancana di
barengan ku Aki Réog Cakentring nu jadi rajana di karajaan Galuh. Saréng
Pangéran Barata Yudha anu ngakuna mah masih kénéh turunan salah sahiji
karajaan Tarumanegara.
Tina
segi plot, ieu novel dipedar kalawan hadé. Katangar yén ieu novel téh di garap
kalawan ngagunakeun hasil risét nu cukup léngkep. Hal iyeu bisa di buktikeun
tina gambaran kaayaan sasakala Bojongemas nu jadi klimaks carita. Bagéan ieu
ragot pisan jeung teu pikaboseneun. Gambaran karajaan Galuh, Tarumanegara di
caritakeun kalawan jéntré. Nu macana saolah-olah di ajak nyaksian langsung kana
kajadian nu pernah lumangsung di éta tempat. Ieu novel, ogé méré pamahaman nu
leuwih jeulas kana sosok tokoh Nyai Dewi Permata Sari patlina jeung sasakala Bojongemas.
Sabagé
novel sajarah sabenerna ieu novel bisa dijadikeun média pikeun ngangkat budaya
sunda jeung karajaan Tarumanegara. Hanjakalna pasualan éta teu bisakapedar
kalawan hadé. Kurangna ngenaan gambaran sosial masarakat Sunda jeung
Tarumanegara ngajadikeun iyeu novel leuwih beristana-sentris kusabab loba
teuing nyaritakeun kahirupan istana Sunda jeung Tarumanegara. Lamun waé
unsur-unsur sosial jeung budaya masyarakat Sunda jeung Tarumanegara kaungkab
sacara lengkep., ieu novel bisa novel nju euyeub nu bakal nambah wawasan nu
macana.
Leupas
tina kakurangan-kakurangan nu disebutkeun di luhur, novelmunggaran Aan Merdeka
Permana ieu menang penghargaan. Masing kumaha ogé ieu novel ngungkab fakta
sajarah anu mungkin waé geus kapopohokeun. Kajadian nu di angkat dina iyeu
novel bisa jadi ayana ngan dina buku-buku pangajaran sajarah wungkul. Tapi ku
ayana iyeu novel, éta kajadian jadi karasa mangkukna kénéh tur miboga daya
pamikat nu saéstuna dipikanineung ku sakumna orang Sunda.
0 komentar:
Posting Komentar